10.33

Sajak Sunda "Kampung VS Kota"

Kampung Vs Kota
Karya : Karya Agus Suherman
Post by Sammy

Pasosoré
Cahya layung eunteup dina daun paré
Rentang-rentang lima rumaja bangun lungsé
Turun ti Gunung Kanyéré

Awakna mandi késang
Anjog ka buruan
Ditanya timana asalna
Cenah mah urang kota
Ngahaja ngadon kémping
Geus ngampleng lima peuting

Uran kampung soméah
Akuan hadé ka sémah
Éta rumaja pada ngarawatan
Disuguhan rupaning kadaharan
Isukna, basa rek balik
Pada mekelan keur ongkos mulang

Tabuh lima soré di Jalan Arjuna
Urang lembur, Jaé jeung Iwan kokotéténgan
Neangan alamat dulurna
Taya nu ngabéjaan
Taya nu ngarawatan
Kapeutingan
Manéhna ngagolér dina trotoar
Bari beuteung kukurubukan.

4 komentar:

Anonim mengatakan...

meni ngahelas maos eta sajak,,, dedeuh mugi sifat mulya eta urang kampung teh sing nyanding ka urang kota,,

Anonim mengatakan...

mphmmm...
kalunya..tpi éta ulang kampung taya kréatif..padahal di kota seueur polisi..
na teu naroskeun heheheeheh...

shi kasep mengatakan...

muni kalunyaaaa.....
keun lagh sing sabar ulang kampungg..

deva batara mengatakan...

hatur nuhun kana komntarna..
kun ulang wartoskeun ka baraya sadayana
boh anu di desa atwa di kota hehehe

Posting Komentar