17.53

ASTAGFIRULLOH

Astagfirulloh...
Hiji Kalimat Anu Sarat Eusi

Astagfirulloh...
Hapunteun Sagala Dosa Abdi
Ngarumasakeun Kasalahan Diri
Luhur Sausap Rambut
Handap Sausap Dampal

Astagfirulloh...
Ucap, Lampah, Tekad, Jeung Kalakuan
Nyanggakeun Sadaya-Daya Kanu Kagungan
Maklum Biwir Teu Diwengku
Letah Teu Tulangan
Diri Sasampireun, Awak Sasampayeun
Jeung Umur Ngan Ukur Umaku

Astagfirulloh...
Baseuhna Letah Menta Kalayan Menti
Mungguh Hirup Ngan Ukur Darma
Salah Jeung Bener Jadi Jeung Aya

Astagfirulloh...
Payusna Lampah Muja Kalayan Muji
Nalika Hurip Ngan Nyamarakeun
Hade Jeung Goreng Ukur Sampereuen

Astagfirulloh..
Ieu Kecapna
Astagfirulloh..
Dina Tekadna

Astagfirulloh...
Astagfirulloh...
Astagfirulloh...

0 komentar:

Posting Komentar