17.14

PEMENTA

Kalayan nyebat asma ALLAH anu MAHA WELAS tur MAHA ASIH!!
Muntangkeun akal,manteungkeun hate ka ANJEUN.
GUSTI anu kagungan ABDI ABDI sadaya.
Sumegruk abdi,menta kalan menti.
Neda agung sewu kucukup,jembar pangampura.
MUga-muga ANJEUN nguping kana ieu PAMENTA.

REP SIDAKEP CINDUKU TUNGGUL MATENI BABAHAN CATUR TRIA
Abdy menta dina sagala perkara..
DIna baseuhna letah ku istigfar..
Neda Hapunteun sadaya lampah anu sasar..
DIna Baseuhna raray ku abdas..
Payusna hate teu weuleh nyacas..
Ucapna,lampahna,tekad,jeung kalakuan

NURCAHYA SEKAR NING GILANG GUMILANG NARAWANGAN..
NYUMPUT BUNI DINU CAANG,NEGRAK BARIJEUNG TEU KATINGGAL..
Elingna,rukuna,sujudna,
Muga napak dina dulangna.
muga nekuk dina bedugna.

SABDA UNINGA.INGKANG ASIH AJA KATARA
09.59

Pépéndé Haté


Layung beureum mulas éndah langit Tasik
Kuring anjog diparapatan ba'da maghrib
Hujan ngaririncik....

Emphmmm....
Geuning amprok ogé
Dedeg simpé rupa hadé
Pépéndé haté...

Asa ka gunturan madu
Ka urugan menyan putih
Payusna kuring di aku
Someah basa adab ajrih

Pépéndé haté..
Imutna, teuteupna, seurina, ogona
Matak kabita
caang bulan jeung sréngéngé
Jimat parépéh..

Pépéndé haté..
Deudeuhna, nyaahna, bogohna, geugeutna
Matak nyugema
Gilang gumilang nyacas ebréh
Jimat parépéh..

Pépéndé haté..Jimat parépéh..
Seug dijaga dipuja-puja
Seug dijagi dipusti-pusti
Dipapaés malar pantes
Sinebarna sari-sari

Pépéndé haté..Jimat parépéh..
I Love U, Ai Shiteru, Ana Uhibbu
Wo Ai Ni, Ich Liebe Dich, Te Quiero, Je T'aime

Pépéndé haté..
Anjeun Pépéndé haté..